Banyolan Sunda

Modus Kenalan

Scene #31.....
Jang Emod leumpang di mall. Na bajuna nempel keneh price tag alias label harga. Ngagantung di deukeut kerah. Teu lila pas deukeut lift aya nu nyampeurkeun.
"Kang, punten euh... eta na acukna aya keneh label hargana!" ceuk awewe.
"Oh... nuhun Neng. Bageur pisan Eneng mah ngawartosan. Nepangkeun abdi Emod. Dupi Neng saha nami?"


No comments