Banyolan Sunda

Lirik Lagu "Hanjakal" - Ikko


Jangji urang rek saati
Moal pada ingkar, moal rek sulaya
Tapi jangji ukur jangji
Sumpah tinggal sumpah
Kalah jadi runtah

Kaduhung sagede gunung
Teu ngagugu omong indung
Papatah dianggap angin
Geuningan kieu jadina

Hate ceurik balilihan
Taya nu bisa ngubaran
Hate asa diwewejet rajet

Kudu kamana ngubaran diri
Kudu kumaha miceun kanyeri
Kudu ka saha nitipkeun diri
Kudu kumaha, nya kumaha

No comments