Banyolan Sunda

Jaga Imej

Jodo
Jodo mah memang geus aya nu ngatur, tapi biasana lamun geus meunang jodo sok hese diatur.

Jaim
Nalika urang nyorangan tanpa kabogoh atawa euweuh babaturan teh, kadang nguntungeuan... misalna urang bisa ngorong atawa hitut satarikna!

Ngudag Cinta
"Cape aing nu ngarann ngungudag cinta teh! Beunang hanteu... nu aya ngadon bareuh bitis!"
"Ari silaing...bogoh ka langlayangan?"

Satia
Neng Idut: "Mang, bener kitu lalaki gendut mah satia?"
Mang Udin: "Bener Dut. Boro-boro mau ngudag awewe lain... nalikeun sapatu ge hese!"

TBC = Teu Boga Cinta
"Aang, Aung, Aong, Aeng.... eta kabeh geus boga kabagoh. Tinggal hiji deui, saha tah nu can boga kabogoh?" tanya Jang Desta.
"Aing...!!" jawab Jang Emod jeung Jang Ivan ngajawab kompak.

No comments