Banyolan Sunda

Superhero Rancabanyol

Mun Warga Rancabanyol jadi super hero:
1. Komandan Hansip Rancabanyol jadi Superman: unggal poe hiber... bulak-balik ngaliwatan pamandian di sisi sawah.
2. IFoel Rachman Seagel jadi Hulk: teu kaop keur nagog di WC. Pas rek ombeh, gayung aya nu mawa. Manehna langsung ambek... ngadadak jadi buta hejo.
3. Nuning Suzana jadi Cat Woman: teu kaop aya nu moe asin na suhunan... langsung ngalacat! Komo asin peda mah.
4. Ajoy Sudrajat jadi Captain America: tamengna dijieun katel... keur ngagoreng rarawuan.
5. Cep Beben jadi Spiderman: Mun di warung Nyi Iroh...leungeunna teu weleh ngaluarkeun jaring.. ngajaring rupa2 gorengan. Darmaji!
6. Yana Asmal KhotibTarka Rancabanyol jadi Iron Man: rarungsing.. baju beusina dijual ku Essy Achie ka tukang kindeuw.
7. Ki Sanja Agusti Sundais jadi Batman: Unggal janari ngegelan jambu batu. Sare ngagantung bari awakna tibalik... mun ngalindur, huluna notog tiheula!


No comments