Banyolan Sunda

Sapi KW

Mamah Dedeh: "Ncip, cik pangneangankeun sapi, Mamah sakulawarga aya niat deuk Qurban taun ieu, meungpeung aya rezeki".
Kuring kacida atohna sabab boga dulur anu biasa dagang sapi. Lumayan pasti bakal meunang komisi.
Kuring: "Mangga Mah, hoyong anu pangaos sabaraha? Aya nu 15 juta,16 juta, atanapi bade sapi Limousin, mung awis pisan eta mah"
Celetuk téh Mang Undang mairan. "Mahal atuh Dansip sakitu mah, Emang mah ngajual murah, ukur 9 juta malahan anu harga 6 juta waeaya"
Mamah Dedeh: " Taaah.!, geningan, aya nu murah..Bener Mang, aya nu harga 6 juta, si Dansip mah teu euleum-euleum rek ngabati teh".
Mang Undang: " Aya Mah, mung sapina buatan Cina, kulitna sanes asli, tapi tina oskar".

No comments