Banyolan Sunda

Candle Light Ala Rancabanyol

Sekdes Soekardja: "Neng, teu karaos nya, urang teh tos lima taun rumah tangga. Neng palay dirayakeunna kumaha?"
Odah Sobariyah: "Ah, Neng mah hoyong siga urang kota Kang. Eta geuning candle light... nu ngahurungkeun lilin tea ningan. Romantis pisan!"
Sekdes Soekardja: "Aaahhh... gampil eta mah. Keun Akang nu ngider, Eneng nu jaga lilin!"
Odah Sobariyah : "Arrrgggghhhh... kieu tah ari boga salaki celengbritis teh!"



No comments