Banyolan Sunda

Pesbuk Oh Pesbuk


Status Facebook:
Koploooook!!!!

Tanggapan komentar:
Pamajikan: Pah, aos BBM Mamah....
Bos: Euh, rek demo deui? Naon kamari bonus teu puas?
Salingkuhan online: Mmmmh...
Nu geuleuh: Mending ngobrol ameh jelas lah!
Sobat: Aya naon Lur? Dieu ku aing bantuan lah aya nanaon mah!
Mitoha: Sing sabar, Jang.
Lawan debat online: Geus lah... tong sok nyumpahan! Hak pilih mah urusan masing-masing. Da mun si eta kapilih ge, biheung teuing BBM teu naek. Pasti naek, kondisi nagara keur kieu! Legowo aja Bung!
Babaturan di group: Perlu kopi darat, Bro? Hayu kumpulkeun lah barudak.
Nu boga hutang: Mmmmh... *ke tungguan nya. Hampura!*
Babaturan: Ceuk aing oge naoooon....!! *Pura-pura apal*
Ustadz: innallaha ma'ashobirin.. sabar Kang. Tong kajurung napsu.
Kolot: Balik ka lembur we aya nanaon mah.
Mantan: Apa kubilang? Menyesal kan?

*Nyieun status kitu teh, padahal aya cakcak tikunclung kana gelas cikopi*

No comments