Banyolan Sunda

Tiis

 Balas teu kuat hayang putus, kabogoh Jang Emod mapanas. Ameh pasea rongkah. Geus pasea mah panan aya alesan pikeun putus.
"Neng, kamana malem Minggu kamari?" tanya Jang Emod.
"Ameng sareng salingkuhan. Lalajo ka bioskop duaan... silih tangkeup. Uihna dibalanjaan bari abdi teras dikaleng. Teras ka restoran... tuang silih huapan!" ceuk kabogohna.
"Ooooh... co cweeeet!" jawab Jang Emod bangun geugeut.

Kabogohna ngan kerung bari merengut.


No comments