Banyolan Sunda

Nasib Jomlo Katotoloyo

Geus ampir ganti presiden, tapi malem Minggu tetep can aya nu bisa diajak lalajo ka bioskop XXI. Antukna:  "Kagok borontok lah Mang, aing alatan cinta gagal wae mah.. jadi hayang bunuh diri.

Percobaan bunuh diri ka-1 rek ngunclungkeun maneh di jembatan Citarum. Teu jadi, alesanna cenah: "Ihh.. embung, caina ge kiruh kitu ningan!"

Minggu hareupna percobaan bunuh diri ka-2, nginum Baygon. Teu jadi keneh wae, pas nengatan Baygon-na: "Euh, Ieu naon Baygon-na ge geus expired bin kadaluarsa geuning! Hoream nginumna ge...ah!"


No comments