Banyolan Sunda

Lho, Kok Tahu?

Ari keur jatuh cinta mah, sagala ge jadi romantis. Buktina we basa peuting-peuting Aa Emod bobogohan di tepas imah.
"Neng, Bapa kamu penyanyi ya?"
"Lho, kok tahu?"
"Hitut Eneng meni merdu pisan."
"Iiih... teu rumaos Neng mah da!"
"Tong sok kitu ah. Tong isin-isin. Bapa kamu penjual parfum ya?"
"Aaah... naon sih A?"
"Hitut kamu wangi banget!"
"Iiih..Aa mah pitnah!"
"Neng, Bapa kamu... kamana?"

Jol aya sora bapa-bapa di tukangeunna:
"Ieu Bapa di dieu. Rek ngabekok deui! Resep kana bekok Bapa, Jang?"


No comments