Banyolan Sunda

Banyolan Pondok 2


#
Aya salaki-pamajikan keur pasea. Nepi paseana ngagogoreng kulawargana masing-masing. Keur kitu hareupeun maranehna aya domba liwat.
"Eta adi maneh, nya?" ceuk si salaki bari sinis.
"Enya.... adi beuteung!" ceuk si pamajikan semu teugeug.

#
"Rek milu maen Paintball? Gratis tuh...."
"Dimana?"
"Di Libya!"

#
"Pa, di dieu mung aya flying fox wungkul?"
"Muhun. Ku naon kitu, Pa?"
"Manawi teh aya flying elephant. Maklum abdi mah bayuhyuh pisan tuda awak teh. Bilih pegat tambangna ari maen flying fox mah."

#
Jreng.... jreng...jreng!
"Izinkanlah saya membawakan sebuah lagu... Sungguh terpaksa aku menyanyi. Mengharapkan Tuan bermurah hati. Coba dengarkan aku menyanyi. Membawa suara jeritan hati. "
"Na ari sia teu neuleu? Nyaho aing keur nyeri huntu...!"
"Daripada sakit hati lebih baik sakit gigi iniii... biar tak mengapa..."
"Gelo siah! Indit ka ditu!"
"Ku akan pergi meninggalkan dirimu. Menyusuri liku hidupku. Janganlah kau bimbang dan janganlah kau ragu. Berikanlah senyuman padaku...."
"Eeeh, siah. Boro-boro bisa seuri aing mah! Ngadon ngalelewe nya, can apal aing ngamuk, hah?!!"
"Ingin marah...silahkan. Ingin diam...silahkan. Asal jangan kau putuskan cintamu...oh ya ...!"
"Seblu!! Awas sakali deui siah, mun teu nyingkah... ieu batu ditenggorkeun ka ilaing!"
"Dan mungkin bila nanti kita kan bertemu lagi. Satu pintaku jangan kau coba tanyakan kembali..."

Bletak!!
"Tuuuuhaaaaan.... Tolonglah hamba-Mu dari sengsara..."

#
Di jero bioskop. Lampu mulai dipareuman. Di korsi juru, sora budak ngoceak:
"Mamaaaah!! Aliraaaaaan!"

#
"Hallo selamat siang, dengan customer service di sini. Ada yang bisa saya bantu?"
"Punten, dupi bahasa Inggrisna daun naon, nya?"
"Leaf, Pa. Memang aya naon?"
"Ieu nuju ngeusian TTS. Hatur nuhun."

#
"Ceuk kuring mah nanaonan Krisdayanti bet resep ka Rahul Remos!"
"Atuh, keun bae. Da meureun pada-pada cinta!"
"Tapi kan karunya ka si Anang!"
"Naha atuh Anang teu bisa mertahankeun rumah tanggana?"
"Yeuh, da Krisdayantina nu pikasebeleun, nyaho??!"
"Enya paduli teuing, da eta kahayang manehna!!"
"Teu bisa kitu!"
"Ah, bae! Naha di dinya jadi molotot ka kuring?"
"Di dinya nu ngamimitian! Jiga nu geuleuh ka kuring teh!"
"Henteu! Ari ngajak pasea mah... kuring ge moal cicing!"
"Sok siah hayang dijenggut?!!"

Ahirna eta dua ibu-ibu teh silih jenggut, silih koet, galungan na taneuh.
#
Di WC sakola.
"Nuju naon, Pa? Ngajagaan WC?"
"Panan keur Ujian Nasional. Kabiasaan ari keur UN teh, barudak sok ngadadak loba nu ijin ka WC."

#
Jaman maju ku teknologi mah, di kampus-kampus ge geus diparasangan Wi-Fi atawa Hot Spot. Teu heran, ari jaman baheula mah mahasiswa teh nongkrong bari diskusi, jaman ayeuna mah nongkrong sewang-sewangan bari nagog nyoo laptop atawa netbook. Neangan bahan keur kuliah? Lolobana mah lain:
"Ieu, nuju ngeusi status Facebook!"

#
Pulitik teh cenah jiga rok mini. Ari keur mimiti dipake (Pemilu) loba nu panasaran hayang ningali nu makena. Ari geus lila dipake (mingpin) loba nu panasaran hayang morosotkeun!

#
"Sok siah maju mun wani mah! Aing mah teu sieun!"
Ceuk undur-undur nu rek garelut.

#
Di dokter kandungan.
"Kinten-kinten iraha ieu pun bojo teh ngalahirkeunna, Dok?" tanya si salaki.
"Dua minggonan deui."
"Oooh... mudah-mudahan teu bentrok sareng final Piala Champions!"

#
"Solat yu ah! Geus adan tuh!"
"Ke heula euy. Ieu keur ngabereskeun laporan, sieun telat. Bisi si Boss ngambek."

#
"Ku naon di warung tukang jajamu atawa di warteg sok dipasangan foto tentara/polisi?"
"Da lamun dipasangan foto Upin-Ipin mah atuh, preman mana nu bakal sieuneun?"

#
Saurng mojang keur nyieun status Facebook:
Duh, mobil gw hrs msuk bngkel :( BB gw kayaknya perlu diganti deh. Mana besok harus ke bandara lagi. Eh, tpi hri ini enaknya ngupi dmna ya? Starbuck aja gtu? Ke mall aja ah. Nnggu my hubby plng gym lma bnget nih.

Teu lila:
"Tiiiiiin, cik pangagaleuhkeun katuncar ka warung Ma Enoh!"
"Mangga, ke ... antosan sakedap Ma. Nuju ngeusi heula status Facebook!"

#
"Aneh, tiap liwat tangkal caringin deukeut astana... sok muringkak bulu punduk wae!"
"Cukur atuh bulu pundukna! Insya Allah, moal muringkak deui."

No comments